KAPEURIH
HATE
Karya:
Regina Merdiani Lestari
Kuring Ana mahasiswi di salah
sahiji universitas negeri di Bandung. Tomboy,
periang ata sifat kuring, tapi hirupna sangsara pedah kaayaan kulawarga nu teu
harmonis. Di leuleutik kuring di urus ku amih nini kuring tepikeun kuring
sagede kieu, sakola soteh di bayar ku kolot nepi kuring kaluar SMA. Tapi kuring
asa ngabatin, asa sirik lamun ningali batur di antar jemput ku indung atawa
bapana. kuring sono kanyaah indung jeng bapa anu sok nuturkeun kuring ka jalan
bener. Tapi ayena mah dimana teuing kuring di perhatikeun. Tuang-tuang wae oge
eweh nu nitah salian ti amih mah. Sapopoe na kuring ngan sababaraha jam panggih
jeng kolot teh, bakat teuing ku sibuk kana urusan masing-masing nepikeun poho
ka kuring.
Poe harita kuring geus stres
depresi mikirkeun kaayaan ieu. Kuring asup ka dapur bari jeng cimata nyirembay dina
damis. Didinya indung jeng bapa kuring eweh keur di garawe. Kuring diuk di
handapen meja, ceurik ngagenggeuik bari ngomong dina hate “mah, pa Ana sono
kanyaah anjeun dina hirup Ana, Ana ngarasa teu di perhatikeun, Ana ngarti
anjeun saribuk kana pagawean. Tapi Ana hoyong sapoe we atawa sababaraha jam
nyempatkeun jang ngobrol jeung Ana. Sapopoe Ana teu aya batur mah pa, Ana
kasepian” kuring ceurik satarikna sabisa kuring, karna eta salah sahiji cara
mepeskeun kepeurih hate.
Sangges kuring ceurik kuring
ngaleret kana meja di luhureun kuring, kuring nantung ningali yen dina meja aya
peso nu seukeut, pikiran kuring ngalayang kanu nu teu paruguh. bakatteuing ku
ngabatin kuring jadi mikir mun kueing cilaka indung bapa bakal nyaah perhatian
deui teu ka kuring. Tanpa mikir panjang, kuring nyokot peso eta ku lengeun nu
katuhu, tanpa inget naon wae nu bakal ngarugikeun diri mun peso eta ngagores
kana lengeun kuring. Bari jeung asa-asa kuring deukeutkeun peso eta kana pergelangan
lengeun kuring. Tur kitu lenyep we kuring teu sadar, nyaho-nyaho kuring
geus aya di rumah sakit bari jeung di baturan ku amih. “mih, ai mamah mana?”
kuring nanya. “ke mamah sakedap deui kadieu neng, sok we istirahat deui.” Ceuk
manehna bari nyimbutan sabagian awak kuring. Tug kitu kuring kasarean, hudang
teh geus nyampak panon poe. Batin kuring ngomong “naha ngan aya amih hungkul
wae, mamah kamana? Naha teu ngalongok Ana? Sibuk keneh kitu?” rebuan tatanya
aya di batin kuring, tapi can aya keneh jawabanna. Cimata nyurucuy maseuhan
sabagian bantal nu ku kuring di pake sare. “kunaon neng?” amih nanya. “ai mamah
kamana mih, naha teu acan kadieu wae. Tos teu peduli deui kitu ka kuring?”. “eh
neng tong nyarios kitu, ngewa. Mamah mah nuju sibuk panginten. Engke ge
ngajemput eneng kadieu, da saur dokter ge tos kenging di candak uih.” Ceuk amih
bari beberes.
Krekettttt......sora panto nu
muka. Kuring ningali kana lawang panto. “mamah, bade naon mamah kadieu, tos
telat” ceuk kuring bari ciga nu ambek. “har tos cageur deui gening budak mamah
teh. Hayu atuh wang teras uih. Amih kamana?” tembalna bari mawa sabagean
kantong nu aya di ruangan ieu. “mayar hela.” Ceuk kuring singkat.
Ka isukannana. Kuring kawas biasa
indit kuliah. Samemeh indit, kuring ngadenge asa aya nu ribut di ruang tengah.
Kuring ningali. Indung bapa kuring pasea, tapi naha dedengean mah asa maseakeun
kuring da aya ngaran Ana an sagala. Kuring diuk bari susulumputan ngadengekeun
omongan kaduana. “sok we ku maneh urus sorangan si Ana teh. Da lain darah
daging urang duaan, geus saatna si Ana apal identitas manehna sorangan!” ceuk
bapa bari gogorowokan. “astagfirullah, kuring nu salah ngadenge atawa emang
bener kuring lain anak kandung indung bapa? Ya Allah naha jadi kieu, ai Ana
putra saha ?” cimata nguyumbang dina panon nahan ceurik. Tur kitu kuring asup
ka kamar, nyileukeum dina bantal ngagugulung maneh. “cigana ieu saat na kuring
ninggalkeun indung bapa, amih, babaturan. Kuring geus teu betah deui hirup di
dunya.” Batin nyarita. Kuring ngorehan kana laci sugan aya obat nu bisa
nenangkeun kuring dina masalah ieu teh. Teu lila kuring manggih obat nu eweh
mereukan. Samemeh nuang obat eta kuring nulis hela surat jang indung bapa jeng
amih. Geus nulis surat kuring nuang obat eta 10 tablet . lila kalilaan kuring
asa beuki teu sadar. Tungtungna mah aya budah kaluar tina mulut kuring.
“Annaa, Anna... hayu gera angkat
kuliah. Ayena mah mamah bade antar jemput Ana ka kuliahan. Enggal kaluar tos
siang.” Eweh nu ngawaro. Mamah panasaran naha kuring teu kaluar wae. Mamah
nyamperkeun ka kamar kuring. “ANNNNAAAAAAA..... L
Ana hudang, kunaonn.... paaaaaa..” mamah bari ceurik satarikna. Bapa
nyamperkeun “aya naon mah??astagfirullah Ana kunaon?” “pa hayu bawa Ana ka RS.” “kela mah, ieu aya
surat. Wang baca hela.
Assalamualaikum
Wr.Wb
Mah,
pa. Meren bapa jeung mamah pas maca surat ti Ana, Ana tos teu aya ninggalkeun
sadayana. Ana tos terang sadayan mah, pa. Ana terang Ana sanes anak kandung
bapa sareng mamah. Awalna pas Ana ngadenger kanyataan pahit ieu. Ana sempet
ngambek, tapi mun ku Ana di pikir-pikir mah Ana teu berhak ngambek ka bapa
sareng mamah. Kuduna Ana teh ngucapkeun nuhun pisan mamah sareng bapa tos
ngabuat Ana tereh sukses. Tipayun, Ana sempet suudzon ka mamah sareng bapa
pedah Ana teu di perhatikeun. Tipayun oge Ana teh sono kana kanyaah ti mamah
jeung bapa. Ana pernah ngira mamah sareung bapa teh teu paduli ayana Ana, teu
merhatkeun Ana.
Mah,
pa. Punten pisan Ana tos ngrepotkeun mamah sareng bapa, sabenerna teh, basa Ana
kamari ka rumah sait teh, Ana nyobi bunuh diri, soalna Ana tos depresi, tos
stres, sareng pas eta ge Ana teh berharep pisan mamah sareng bapa merhatikeun
Ana mun Ana teu damang. Tapi henteu gening. Tapi oge saatos Ana terang jati
diri Ana nu sabenerna Ana asa bersalah tos nuduh nu sanes-sanes ka mamah sreng
bapa. Punten pisan nya mah salama ieu Ana sok ngarepotkeun, punten Ana tos jadi
beban kanggo bapa sareng mamah. Tapi Ana ge nuhun mamah tos ngabiayaan Ana dugi
ka kuliah Ana. Nuhun pisan nya mah. Oh enya, nuhun oge ka amih nya mah, tos
ngurus Ana ti alit dugi ka ayena.
Ana
nyaah ka mamah, bapa, sareng amih. Tong hilapkeun Ana nya. Ana hoyong Ana jadi
kenangan nu endah kanggo mamah sareng bapa walaupun ngan sakeudap..
Anak angkat mu yang slalu merindukan kasih
sayng mu
Ana
Tidak ada komentar:
Posting Komentar